Duh bulan, kuring tulungan.
Tokèr hiji bèntang sina ragrag mèh nyaangan jalan kuring keur nyiar bebekelan ka sawarga.
Cenah di sawarga mah taya kasusah jeung kanyeri.
Sagala disadiakeun, katut bidadari jeung bidadara na.
Nya sugan wè nepi, masing hèse gè.
Tapi Gusti, abdi mah ikhlas, ridho pami seug abdi kedah ngantunkeun
dunya ayeuna kènèh, da abdi percanten kacinta anjeun ka umatna langkung
ageung batan dunya jeung eusina.
Mung hiji pamundut abdi, hoyong langsung lebet ka sawarga, teu kedah ngaraosan lalab rumba.